[Sunda] Lengkepan paguneman ngeunaan wawancara di handap (15) Salah sahiji sarat ngawawancara téh di antarana nyadiakeun sajumlahing pananya. Ieu di handap aya naskah wawancara antara Asri jeung Ramlan. Cing tulis ku hidep kira-kira kalimah pananya kumaha nu ditepikeun ku Asri upama Ramlan ngajawab saperti dina éta naskah wawancara! Astri : “……………………………………(1)?” Ramlan : “Ah, teu sawios. Mangga baé.” Astri : “……………………………………(2)?” Ramlan : “Hé hé hé, aya-aya baé Astri mah. Kumaha ké lamun abdi jadi terkenal siga artis?” Astri : “……………………………………(3)?” Ramlan : “Wah, isin atuh, As. Ké abdi kanyahoan kasépna. Hé hé hé....!” Astri : “……………………………………(4)?” Ramlan : Rata-rata dua jam. Sajam sateuacan kulem sajam deui sabada gugah kulem. Astri : “……………………………………(5)?” Ramlan : “Muhun.” Astri : “……………………………………(6)?” Ramlan : “Hé hé, dipapaksa kawas budak TK baé. Henteu atuh As, sok maksakeun nyalira baé. Rumaos abdi téh bodo, jadi kudu getol ngapalkeun. Mamah sareng Bapa mah ukur masihan sumanget.” Astri : “……………………………………(7)?” Ramlan : “Bapa janten Satpam di pasar, Ibu mah icalan kuéh.” Astri : “……………………………………(8)?” Ramlan : “Mun abdi teu ngartos kana pelajaran, upamina, Bapa sok ngabantosan kedah ka saha tatarosna. Aya ka Pa Guru, ka réréncanganana, atanapi sok masihan buku kénging anjeunna mésér.” Astri : “……………………………………(9)?” Ramlan : “Ieu mah jujur nya. Abdi asa teu ngaraos pinter, komo jenius mah. Tapi aya cariosan Mamah anu teras napel baé dina émutan abdi. Saurna, batu gé anu sakitu teuasna, ku cikaracak anu terasterasan nyakclak mah, teu burung legok. Hartosna, sanajan urang bodo, lamun terus-terusan usaha jeung rajin diajar, tangtu bakal bisa, bakal pinter! Éta resép abdi mah. Kumargi kitu, sanajan teu seueur waktu anu luang, abdi satékah polah nyempetkeun kanggo diajar jeung ngapalkeun.” Astri : “……………………………………(10)?” Ramlan : “Hoyong janten naon nya? Ah badé janten Sakadang Kuya wé....” Astri : “……………………………………(11)?” Ramlan : “Upami Alloh ta’ala marengkeun, abdi hoyong janten arsiték.” Astri : “……………………………………(12)?” Ramlan : “Hhhh...., rorompok anu ayeuna ditempatan ku kulawarga abdi, asa teu kungsi dioméan sakaémut mah. Tos siga aki-aki mun jalmi mah. Abdi sok ngémut, emh mun aing jadi arsiték, Mamah sareng Bapa téh badé dipangdamelkeun pangiuhan anu merenah. Teu kudu méwah, tapi matak betah aranjeunna.” Astri : “……………………………………(13)” Ramlan : “Amiiin. Sami-sami. Nuhun nya, As.” Astri : “……………………………………(14)” Ramlan : “Atos baé ieu téh?” Astri : “……………………………………(15)” Ramlan : “Éh, teu sangka nya, Astri téh jendil geuning, hé hé ...”
Answer

Life Enjoy

" Life is not a problem to be solved but a reality to be experienced! "

Get in touch

Social

© Copyright 2013 - 2024 KUDO.TIPS - All rights reserved.