[Sunda]
Lengkepan paguneman ngeunaan wawancara di handap (15)
Salah sahiji sarat ngawawancara téh di antarana nyadiakeun
sajumlahing pananya. Ieu di handap aya naskah wawancara antara Asri
jeung Ramlan. Cing tulis ku hidep kira-kira kalimah pananya kumaha
nu ditepikeun ku Asri upama Ramlan ngajawab saperti dina éta naskah
wawancara!
Astri : “……………………………………(1)?”
Ramlan : “Ah, teu sawios. Mangga baé.”
Astri : “……………………………………(2)?”
Ramlan : “Hé hé hé, aya-aya baé Astri mah. Kumaha ké lamun abdi jadi
terkenal siga artis?”
Astri : “……………………………………(3)?”
Ramlan : “Wah, isin atuh, As. Ké abdi kanyahoan kasépna. Hé hé hé....!”
Astri : “……………………………………(4)?”
Ramlan : Rata-rata dua jam. Sajam sateuacan kulem sajam deui sabada
gugah kulem.
Astri : “……………………………………(5)?”
Ramlan : “Muhun.”
Astri : “……………………………………(6)?”
Ramlan : “Hé hé, dipapaksa kawas budak TK baé. Henteu atuh As, sok
maksakeun nyalira baé. Rumaos abdi téh bodo, jadi kudu
getol ngapalkeun. Mamah sareng Bapa mah ukur masihan
sumanget.”
Astri : “……………………………………(7)?”
Ramlan : “Bapa janten Satpam di pasar, Ibu mah icalan kuéh.”
Astri : “……………………………………(8)?”
Ramlan : “Mun abdi teu ngartos kana pelajaran, upamina, Bapa sok
ngabantosan kedah ka saha tatarosna. Aya ka Pa Guru, ka
réréncanganana, atanapi sok masihan buku kénging anjeunna
mésér.”
Astri : “……………………………………(9)?”
Ramlan : “Ieu mah jujur nya. Abdi asa teu ngaraos pinter, komo jenius
mah. Tapi aya cariosan Mamah anu teras napel baé dina émutan
abdi. Saurna, batu gé anu sakitu teuasna, ku cikaracak anu terasterasan
nyakclak mah, teu burung legok. Hartosna, sanajan
urang bodo, lamun terus-terusan usaha jeung rajin diajar,
tangtu bakal bisa, bakal pinter! Éta resép abdi mah. Kumargi
kitu, sanajan teu seueur waktu anu luang, abdi satékah polah
nyempetkeun kanggo diajar jeung ngapalkeun.”
Astri : “……………………………………(10)?”
Ramlan : “Hoyong janten naon nya? Ah badé janten Sakadang Kuya
wé....”
Astri : “……………………………………(11)?”
Ramlan : “Upami Alloh ta’ala marengkeun, abdi hoyong janten arsiték.”
Astri : “……………………………………(12)?”
Ramlan : “Hhhh...., rorompok anu ayeuna ditempatan ku kulawarga
abdi, asa teu kungsi dioméan sakaémut mah. Tos siga aki-aki
mun jalmi mah. Abdi sok ngémut, emh mun aing jadi arsiték,
Mamah sareng Bapa téh badé dipangdamelkeun pangiuhan anu
merenah. Teu kudu méwah, tapi matak betah aranjeunna.”
Astri : “……………………………………(13)”
Ramlan : “Amiiin. Sami-sami. Nuhun nya, As.”
Astri : “……………………………………(14)”
Ramlan : “Atos baé ieu téh?”
Astri : “……………………………………(15)”
Ramlan : “Éh, teu sangka nya, Astri téh jendil geuning, hé hé ...”
(2) Haturnuhun sateuacanna, sok atuh kang urang kawitan
(3) Nya wios atuh kang, sae, ke janten seueur nu kenaleun ka akang
(4) Akang belajar sadintenna baraha jam?
(5) Janten sadintenna dua kali nya kang?
(6) Akang belajar dipiwarang ku sepuh?
(7) Padamelan sepuh akang naon?
(8) Naon nu ku akang lakukeun upami aya nu teu ngartos dina pelajaran?
(9) Wah akang mah pinter nya. Naon motivasi akang kanggo belajar?
(10) Cita-cita akang hoyong janten naon?
(11) Sakadang kuya teh naon kang?
(12) Bumi nu ieu kantos diomean kang? upami janten arsitek akang bade naon?
(13) Mudah-mudah sing diparengkeun nya kang
(14) Sawangsulna. Nya atos bae atuh kang
(15) Muhun, haturnuhun nya kang