TOLONG BANTU TRANSLATE KE INDONESIA YA PLIS. urang Sunda mah Tara poho Kana adat kabiasaan. Tata-Titi jeung pari polah teh salawasna di dadasaran ku adat anu geus maneh. kapan aya paribasana, urang Sunda mah Tara lali ka purwadaksi, maksudna Tara poho Kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus diwariskeun ku Karuhun. salah sahiji tradisi anu dipiara tepi ka ayeuna nyaeta Dina cara-cara ngawinkeun. lamun urang Sunda aya nu rek ngawinkeun anakna, Tara asal jadi kitu bae. Aya cara-carana luyu jeung kabiasaan. Jauh samemeh upacara kawinan, sok Aya acara ngalamar heula, ti dinya tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah. ‎ngalamar nyaeta nanyaan awewe daek-henteuna dikawin ku lalaki anu mikarepna. ilaharna pihak lalaki anu ngalamar teh Tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung kulawargana. kitu deui pihak awewe anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara ngalamar, sanggeus paheut jinisna (awewena) daekeun, sok dituluykeun ku nangtukeun waktuna acara pernikahan, poe naon,tanggal sabaraha,jeung sebagainana. ‎ Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun tea, pihak kulawarga calon Panganten lalaki datang ka kulawarga calon Panganten awewe.datangna dari barangba mawa barang kcur mas kawin Jeung pakean kayaning baju, samping,jsb. keur calon Panganten awewe. ‎calon Panganten lalaki tuluy diserenkeun ku kolotna atawa ku nu ngawakilan-ana Ka pihak kulawarga calon Panganten awewe sina ditikahkeun. Eta sababna eui acara teh disebutna seserahan , nyaeta nyerahkeun atawa nyerenkeun calon Panganten lalaki tea. ‎ rengse seserahan, kakara calon Panganten teh ditikahkeun ku kolotna calon Panganten awewe di hareupeun naib jeung para saksi . Ieu acara disebutna akad nikah. ‎ rengse akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Panganten duanana sungkem ka ibu Ramana, minangka tanda hormat ka Indung bapa. Geus kitu Panganten sok didiukeun di panyaweran(diburuan), tuli di sawer. dimimitian ku di haleuangan kidung panyawer, tuluy di sawer ku Beas, koneng, jsb. di Awur Awurkeun ka lebah Panganten. samemeh didiukkeun Dina korsi Panganten, sok diayakeun Heula acara Buka pintu. aya nu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang, Panganten lalaki menta Idin rek asup ka kamar pengantin awewe. rengse Buka pintu, Kakara Panganten sajodo didiukkeun Dina korsi, pikeun narima pangwilujeung ti nu araya.
Answer

Life Enjoy

" Life is not a problem to be solved but a reality to be experienced! "

Get in touch

Social

© Copyright 2013 - 2024 KUDO.TIPS - All rights reserved.