Tolong bantu translate ke indo Assalamu’alaikum Wr. Wb.Sadaya puji kagungan Alloh SWT. Solawat miwah salam mugia salamina dikocorkeun ka jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, para sohabatna, para pengikutna tug dugi ka urang sadayana. Aamiin.Bapa sareng Ibu Guru hormateun sim kuring.Dinten ieu sim kuring sareng réréncangan badé ngantunkeun ieu sakola anu kalintang dipikacintana. Tadi Bapa/ Ibu parantos ngadugikeun amanat, ku sim kuring dipusti-pusti, ditampi kalayan kabingahan.Sateu acanna sim kuring sareng réréncangan amit mungkur, widian heula sim kuring ngadugikeun sababaraha rupi perkawis.Kahiji, sim kuring sareng rerencangan seja ngahaturkeun nuhun kana kanyaah, atikan, sareng didikan ti Bapa kalih Ibu Guru salami ieu. Salami tilu taun sakola di dieu seueur pisan élmu katimu sareng pangalaman anu kapendak.Keuna kana paripaos sepuh, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. Kanyaah sareng kadeudeuh Bapa sareng Ibu Guru ku sim kuring tangtos disimpen dina emun-emunan.Sawalerna ti abdi sadaya, teu acan tiasa mulang tarima kana jasa-jasa Bapa sareng Ibu Guru. Mugi-mugi Alloh SWT ngabales sagala rupi kasaéan Bapa sareng Ibu Guru.Kaduana, sim kuring badé nyanggakeun beuheung teukteukeun suku genteng belokeun. Ti kawit lebet dugi ka ayeuna sim kuring sareng réréncangan rumaos seueur kalepatan ka Bapa sareng Ibu Guru. Sering ngajengkelkeun sareng ngajaheutkeun manah Bapa Ibu Guru.Mugi Bapa sareng Ibu Guru leah mana wening galih luntur kalbu ngahapunten kana sagala kalepatan, kahilapan, sareng kakirangan abdi salami sakola di dieu.Anu katilu, sim kuring sareng rerencangan seja mundut restu Ibu neda pidu’a ti Bapa.Bapa… Ibu…Du’akeun abdi sadaya sing junun nungtut elmu kalawan kahontal cita-cita. Upami teu aya restu sareng du’a ti Bapa sareng Ibu, lalakon abdi kapayunna biheung kumaha.Rai-rai Aa/ Tétéh..Pileuleuyan bageur. Sapu nyéré pegat simpay paturay patepang deui. Du’akeun aa sareng tétéh sing kahontal cita-cita. Kadé hidep di dieu sing garetol sakola. Hapunten aa sareng tétéh bilih salami ieu teu tiasa jadi lanceuk anu sae keur aranjeun.Mung sakitu anu tiasa kapihatur. Bilih aya kalimah anu matak nyugak kana manah Bapa, catur anu nyentug kana kalbu Ibu, neda agung cukup lumur sihapunten anu kasuhun.Billahi taufik wal hidayah.Wassalamu’alaikum Wr. Wb.​
Answer

Life Enjoy

" Life is not a problem to be solved but a reality to be experienced! "

Get in touch

Social

© Copyright 2013 - 2024 KUDO.TIPS - All rights reserved.