Jieun pupuh sinom anu temana kabersihan kelas lobana dua pada
ilukman
Pupuh sinom nyaeta salah sahiji karya sastra wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Puisi Sunda, umpama ditilik tina eusina, bisa dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok puisi anu mangrupa carita jeung puisi anu henteu mangrupa carita. Contoh puisi anu mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun contoh puisi anu henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, kawih, kakawihan jeung sajak.
Umpama di tilik tina rumpaka atawa kekecapanana, puisi Sunda oge bisa dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu teu kaiket ku aturan. Conto puisi nu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan, sisindiran, jeung guguritan. Sedengkeun puisi anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung sajak.
Aturan anu aya dina puisi Sunda nyaeta saperti aturan pupuh jeung sisindiran. Conto puisi Sunda anu make aturan pupuh nyaeta wawacan jeung guguritan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu make aturan sisindiran nyaeta saperti paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina pupuh, aya 17 aturan atawa patokan. Aturan anu aya dina pupuh dibagi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh Sinom kaasup pupuh anu aya dina kelompok Sekar Ageung.
Sekar Ageung nyaeta pupuh anu biasa dilagukeun ku leuwih ti hiji rupa lagu atawa tembang. Sedengkeun Sekar Alit nyaeta pupuh anu biasa dalagukeun ku hiji rupa lagu atawa tembang wungul. Kusabab pupuh sok dilagukeun atawa ditembang, pupuh sok dibut oge tembang. Saperti pupuh sinom, sok disebut tembang sinom. Sastra Sunda ngabogaan sasaruan anu loba jeung sastra Jawa. Salah sahiji sasaruan anu aya nyaeta dina pupuh atawa tembang. Aturan pupuh nu aya dina sastra Sunda sarua jeung aturan nu aya dina sastra Jawa.
Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Sacara singget, guru lagu nyaeta aturan anu aya hubunganana jeung sora engang atawa suku-kata tungtung nu aya dina kecap tungtung nu aya dina unggal jajar atawa padalisan hiji pupuh. Sedengkeun guru wilangan nyaeta aturan anu aya hubunganana jeung jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh, jeung jumlah baris nu aya dina unggal pada atawa bait nu aya dina hiji pupuh.
Guru lagu jeung guru wilangan nu aya dina pupuh sinom nyaeta 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a. Hartina, dina pupuh sinom aya salapan jajar atawa padalisan dina unggal pada. Jumlah engang jeung tungtung huruf vocal nu aya dina unggal padalisan nyaeta 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a. Di handap ieu conto pupuh sinom anu temana kaberesihan kelas jeung lobana dua pada atawa dua bait :
Kelas Anu Beresih Mun hayang betah di kelas (8-a) kudu rajin beberesih (8-i) diajar jadi gumbira (8-a) beresih genah ka ati (8-i) Diajar leuwih pasti (7-i) sabab beresih geus tangtu (8-u) Urang kudu usaha (7-a) sangkan kelas bararesih (8-i) Mun kelas beresih sumanget diajarna (12-a)
Mun sumanget diajarna (8-a) jadi pinter leuwih pasti (8-i) sabab diajar gumbira (8-a) di kelas anu beresih (8-i) Mun kelasna beresih (7-i) genah ati bakal tangtu (8-u) Ulah sok asa-asa (7-a) dina urang beberesih (8-i) sangkan urang resep diajar di kelas (12-a)
Umpama di tilik tina rumpaka atawa kekecapanana, puisi Sunda oge bisa dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu teu kaiket ku aturan. Conto puisi nu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan, sisindiran, jeung guguritan. Sedengkeun puisi anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung sajak.
Aturan anu aya dina puisi Sunda nyaeta saperti aturan pupuh jeung sisindiran. Conto puisi Sunda anu make aturan pupuh nyaeta wawacan jeung guguritan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu make aturan sisindiran nyaeta saperti paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina pupuh, aya 17 aturan atawa patokan. Aturan anu aya dina pupuh dibagi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh Sinom kaasup pupuh anu aya dina kelompok Sekar Ageung.
Sekar Ageung nyaeta pupuh anu biasa dilagukeun ku leuwih ti hiji rupa lagu atawa tembang. Sedengkeun Sekar Alit nyaeta pupuh anu biasa dalagukeun ku hiji rupa lagu atawa tembang wungul. Kusabab pupuh sok dilagukeun atawa ditembang, pupuh sok dibut oge tembang. Saperti pupuh sinom, sok disebut tembang sinom. Sastra Sunda ngabogaan sasaruan anu loba jeung sastra Jawa. Salah sahiji sasaruan anu aya nyaeta dina pupuh atawa tembang. Aturan pupuh nu aya dina sastra Sunda sarua jeung aturan nu aya dina sastra Jawa.
Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Sacara singget, guru lagu nyaeta aturan anu aya hubunganana jeung sora engang atawa suku-kata tungtung nu aya dina kecap tungtung nu aya dina unggal jajar atawa padalisan hiji pupuh. Sedengkeun guru wilangan nyaeta aturan anu aya hubunganana jeung jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh, jeung jumlah baris nu aya dina unggal pada atawa bait nu aya dina hiji pupuh.
Guru lagu jeung guru wilangan nu aya dina pupuh sinom nyaeta 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a. Hartina, dina pupuh sinom aya salapan jajar atawa padalisan dina unggal pada. Jumlah engang jeung tungtung huruf vocal nu aya dina unggal padalisan nyaeta 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a. Di handap ieu conto pupuh sinom anu temana kaberesihan kelas jeung lobana dua pada atawa dua bait :
Kelas Anu Beresih
Mun hayang betah di kelas (8-a)
kudu rajin beberesih (8-i)
diajar jadi gumbira (8-a)
beresih genah ka ati (8-i)
Diajar leuwih pasti (7-i)
sabab beresih geus tangtu (8-u)
Urang kudu usaha (7-a)
sangkan kelas bararesih (8-i)
Mun kelas beresih sumanget diajarna (12-a)
Mun sumanget diajarna (8-a)
jadi pinter leuwih pasti (8-i)
sabab diajar gumbira (8-a)
di kelas anu beresih (8-i)
Mun kelasna beresih (7-i)
genah ati bakal tangtu (8-u)
Ulah sok asa-asa (7-a)
dina urang beberesih (8-i)
sangkan urang resep diajar di kelas (12-a)