ilukman
Udak usuk basa Sunda nyaeta tingkatan basa anu aya dina basa Sunda. Tingkatan basa nu aya dina basa Sunda, sabenerna aya nepi ka 8 tingkatan basa, ti mimiti tingkatan basa Sunda anu halus nepi ka basa Sunda anu kasar. Tina 8 tingkatan basa Sunda eta dibagi deui jadi dua kelompok, nyaeta 6 tingkatan basa halus jeung dua tingkatan basa loma (sedeng jeung kasar).
Tapi dina penggunaan sapopoe, biasana ngan saukur aya tilu tingkatan, nyaeta tingkatan basa halus, biasa jeung kasar. Malahan dina Kongres Basa Sunda VII di Garut taun 2001, ditetepkeun yen udak usuk basa Sunda teh ngan dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok Ragam Basa Hormat jeung kelompok Ragam Basa Loma. Salian ti eta, istilah udak usuk basa Sunda oge, dina jaman kiwari mah geus diganti istilahna jadi Tata Krama Basa Sunda, sabab istilah udak usuk basa Sunda teh ngandung kesan feodal.
Dina ragam basa hormat, biasana dibagi dua nyaeta basa halus pikeun batur saluhureun atawa batur anu dipikahormat jeung basa halus pikeun diri sorangan atawa batur sapantar jeung sahandapeun. Saperti conto kalimah "Pun lanceuk nuju angkat ka Bandung" jeung "Simkuring nuju mios ka Bandung" atawa "Pun adi nuju mios ka Bandung".
Sedengkeun dina ragam basa Loma, basa keur sorangan jeung keur batur sarua, henteu aya bedana. Kulantaran basa loma mah biasana digunakeunana pikeun ka babaturan sapantar anu geus loma atawa akrab, basa loma jarang digunakeun pikeun ka jalma saluhureun atawa ka jalma anu dipikahormat. Saperti conto kalimah "Kuring keur indit ka Bandung" atawa "Babaturan kuring keur indit ka Bandung". Tapi pikeun saluhureun atawa anu dipikahormat tetep make basa anu halus saperti kalimah "Pa Guru nuju angkat ka Bandung".