ilukman
Dongeng nyaeta mangrupakeun karya sastra anu mangrupa carita rekaan dina wangun lancaran atawa sok disebut prosa. Dongeng kaasup kana prosa heubeul. Aya oge anu nyebut yen dongeng teh bisa kaasup karya sastra wangun ugeran atawa puisi, pendapat eta bisa bener, sabab dina puisi Sunda aya wangun puisi anu eusina mangrupa carita siga dongeng nyaeta wawacan jeung carita pantun.
Di handap ieu dijentrekeun rupa-rupa dongeng anu aya jeung contona :
1. Fabel nyaeta carita pondok mangrupa dongeng atawa carita rekaan anu ngagambarkeun watak atawa budi pekerti jelema anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang. Contona saperti dongeng Si Kancil, Monyet jeung Kuya, Si Kancil jeung Buhaya.
2. Parabel nyaeta carita rekaan pikeun nepikeun ajaran agama, moral, atawa kabeneran ku ngagunakeun ibarat atawa perbandingan. Lamun fabel mah dina ngaibaratkeunana teh sok ngagunakeun sasatoan, tatangkalan atawa barang, parabel mah dina ngaibaratkeunana teh ngagunakeun jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun, tapi ngandung atikan. Contona saperti dongeng Si Kabayan, atawa saduran ti nagara sejen saperti Abu Nawas, Si Congcorang, Nasarudin.
3. Mite nyaeta carita prosa rakyat anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamt. Carita nu aya di mite ngabogaan latar dina mangsa baheula, anu ngandung tafsir ngeunaan alam semesta sarta mahluk nu aya di jerona, sarta dianggap bener-bener kajadian ku penulisna atawa ku panganutna. Contona saperti dongeng Maung Kajajaden, Dongeng Ngipri.
4. Sasakala atawa legenda nyaeta carita nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kungsi kajadian, tapi henteu dianggap suci atawa sakral saperti mitos atawa mite. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang.
5. Sage nyaeta carita anu aya hubunganana jeung carita sajarah, anu nyaritakeun kapahlawanan, kawanian, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Contona saperti dongeng Prabu Siliwangi, Dipati Ukur