Kategori : Bahasa Sunda - Sisindiran Kelas : X (1 SMA) Pembahasan :
Purwakanti anu aya dina wawangsalan jeung anu aya dina paparikan atawa rarakitan henteu sarua. Purwakanti anu aya dina paparikan jeung rarakitan bisa kaciri sacara jelas, nyaeta engang tungtung padalisan kahiji murwakanti jeung engang tungtung padalisan katilu, engang tungtung padalisan kadua murwakanti jeung engang tungtung padalisan kaopat. Sedengkeun purwakanti anu aya dina wawangsalan henteu kaciri sacara jelas. Purwakanti wawangsalan ayana nyaeta antara harti padalisan kahiji (wangsalna) jeung salahsahiji kecap anu aya dina padalisan kadua. Wawangsalan, paparikan jeung rarakitan nyaeta rupa-rupa puisi anu aya dina sisindiran.
Dina sastra Indonesia, sisindiran rek siga sarua atawa sarupa jeung pantun. Sisindiran teh mangrupa salahsahiji rupa puisi Sunda. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, pupujian, sajak jeung kawih. Jadi, sanajan dina puisi Sunda aya oge anu disebut carita pantun, carita pantun beda jeung sisindiran atawa pantun anu aya dina sastra Indonesia.
Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa papatah atawa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa sislihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.
Verified answer
Kategori : Bahasa Sunda - SisindiranKelas : X (1 SMA)
Pembahasan :