Pisahkeun mana anu eusina papatah, silihasih, jeung gogonjakan! Diambil dari Buku Pamekar Diajar Basa Sunda, Kurikulum 2013, Kelas 8
ilukman
Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina piwuruk atawa papatah, sisindiran anu eusina silih-asih, jeung sisindiran anu eusina gogonjakan, sesebred atawa heureuy. Sedengkeun umpama ditilik tina wangun kecapna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan.
Dina sagunduk atawa sapada paparikan jeung rarakitan, aya opat padalisan atawa opat jajar. Sedengkeun dina sagunduk wawangsalan, aya dua padalisan. Dina paparikan jeung rarakitan, jajar kahiji jeung jajar kadua mangrupakeun cangkang, jajar katilu jeung jajar kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, jajar kahiji mangrupakeun cangkang, jajar kadua mangrupakeun eusi.
Diantara tilu rupa sisindiran, sisindiran paparikan minangka sisindiran anu panggampilna dina nyusunna. Dina sisindiran paparikan, anu kudu diperhatikeun nyaeta sora tungtung engang jajar kahiji kudu sarua atawa murwakanti jeung sora tungtung engang jajar katilu, sora tungtung engang jajar kadua kudu murwakanti jeung sora tungtung engang jajar kaopat.
Rarakitan ngabogaan aturan anu ampir sarua jeung paparikan. Bedana, dina rarakitan mah kecap awal jajar kahiji diulang di dina jajar katilu, jeung kecap awal jajar kadua diulang dina jajar katilu. Dihandap ieu nyaeta conto sisindiran paparikan anu eusina mangrupa papatah, silih-asih, jeung gogonjakan. Eusi atawa maksud sisindiran ditilik tina jajar katilu jeung jajar kaopat.
Conto paparikan papatah atawa piwuruk :
Ulah loba dahar peuteuy ngala awi ngan sabuku Barudak ulah hareureuy sok geura baruka buku.
Conto paparikan silih-asih :
Beak daun beak randu unggal poe dibikeunan Beak taun beak windu moal weleh dileukeunan.
Conto paparikan gogonjakan :
Mandi isuk rada beurang tampian jalanna nanjak Abdi atos terus terang bade ditampi ditolak.
Dina sagunduk atawa sapada paparikan jeung rarakitan, aya opat padalisan atawa opat jajar. Sedengkeun dina sagunduk wawangsalan, aya dua padalisan. Dina paparikan jeung rarakitan, jajar kahiji jeung jajar kadua mangrupakeun cangkang, jajar katilu jeung jajar kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, jajar kahiji mangrupakeun cangkang, jajar kadua mangrupakeun eusi.
Diantara tilu rupa sisindiran, sisindiran paparikan minangka sisindiran anu panggampilna dina nyusunna. Dina sisindiran paparikan, anu kudu diperhatikeun nyaeta sora tungtung engang jajar kahiji kudu sarua atawa murwakanti jeung sora tungtung engang jajar katilu, sora tungtung engang jajar kadua kudu murwakanti jeung sora tungtung engang jajar kaopat.
Rarakitan ngabogaan aturan anu ampir sarua jeung paparikan. Bedana, dina rarakitan mah kecap awal jajar kahiji diulang di dina jajar katilu, jeung kecap awal jajar kadua diulang dina jajar katilu. Dihandap ieu nyaeta conto sisindiran paparikan anu eusina mangrupa papatah, silih-asih, jeung gogonjakan. Eusi atawa maksud sisindiran ditilik tina jajar katilu jeung jajar kaopat.
Conto paparikan papatah atawa piwuruk :
Ulah loba dahar peuteuy
ngala awi ngan sabuku
Barudak ulah hareureuy
sok geura baruka buku.
Conto paparikan silih-asih :
Beak daun beak randu
unggal poe dibikeunan
Beak taun beak windu
moal weleh dileukeunan.
Conto paparikan gogonjakan :
Mandi isuk rada beurang
tampian jalanna nanjak
Abdi atos terus terang
bade ditampi ditolak.