Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Karangan pendek anu ngagunakeun patokan pupuh nyaeta wawacan. Anu disebut karangan pendek atawa carita pondok biasana mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Tapi dina wangun ugeran atawa puisi Sunda aya oge wangun puisi anu eusina mangrupa carita, carita pondok atawa karangan pendek, nyaeta saperti wawacan.
Dina sastra Sunda, umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, guguritan, mantra jeung sisindiran.
Jadi, karya sastra anu eusina mangrupa carita henteu ngan saukur aya dina wangun lancaran atawa prosa wae tapi aya oge dina karya satra wangun ugeran atawa puisi, saperti wawacan. Wawacan nyaeta wangun puisi anu kaiket atawa kauger ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aya 17 aturan pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit.
Dina Sekar Ageung aya opat rupa patokan pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa patokan pupuh. Dina nepikeunnana biasana pupuh sok dihaleuangkeun ngagunakeun tembang. Kusabab kitu, pupuh sok disebut oge tembang. Pupuh dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku leuwih ti hiji rupa tembang. Sedengkeun pupuh dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngan sarupa tembang.
semoga bermanfaat ya kk
Penjelasan: