ilukman
Umpama dibandingkeun, dongeng jeung carita wayang ngabogaan sasaruan jeung bebeda. Salah sahiji sasaruan dongeng jeung carita wayang, nyaeta dina caritana, dongeng jeung carita wayang sok loba carita pamohalan atawa carita bohongna, saperti aya jalma anu bisa ngapung, jeung sajabana. Sedengkeun bedana dongeng jeung carita wayang nyaeta :
1. Awal sumebarna dongeng nyaeta sacara lisan. Anu ngarangna oge dongeng mah henteu jelas. Sedengkeun carita wayang sumebarna, umpama di daerah Sunda, ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sacara tinulis mangrupa carpon, novel, dangding atawa wawacan. Carita wayang ditulis ku pangarang anu jelas anu mangrupakeun tulisan fragmen atawa bagian-bagian dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna di India.
2. Carita anu aya dina dongeng, biasana pondok, saperti carita pondok atawa carpon. Carita dongeng biasana bisa dibaca nepi ka tamat ku sakali baca. Sedengkeun carita wayang, caritana bisa pondok bisa oge panjang saperti novel atawa wawacan anu bisa dibaca sapeupeuting malahan bisa nepi ka mangpoe-poe.
3. Palaku nu aya di dongeng bisa naon bae. Bisa jalma, barang, sato atawa tutuwuhan. Dina dongeng mah sato, tutuwuhan atawa barang oge bisa ngomong. Sedengkeun dina carita wayang, palakuna biasana ngan saukur jalma, atawa dewa anu mangrupa jalma.
4. Ngeunaan dongeng, biasana unggal daerah atawa bangsa di dunya ngabogaan carita dongeng sewang-sewangan anu beda-beda. Sedengkeun carita wayang, caritana dumasar kana carita anu geus tetep, nyaeta dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata ti India anu mangrupakeun kitab suci umat Hindu. Umpama di Indonesia, carita wayang geus kapangaruhan ku ajaran agama Islam jeung pangaruh carita lokal lianna.