Naon anu dimaksud unsur rasa jeung unsur amanat dina weungku kawih?
ilukman
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Kawih mangrupakeun hiji wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti nu aya dina pupuh. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Kawih, umpama ditilik tina rumpakanya, sarua oge jeung sajak, nyaeta mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Sanajan kawih jeung sajak teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih jeung sajak oge tetep ngabogaan unsur-unsur nu aya dina hiji karya sastra puisi nyaeta unsur-unsur saperti tema, rasa, nada jeung amanat. Unsur-unsur anu aya dina hiji kawih aya gunana pikeun anu ngarang kawih jeung anu maca atawa anu ngaregepkeun kawih. Pikeun anu ngarang kawih, unsur-unsur anu aya dina kawih bisa dijadikeun pedoman pikeun ngarang kawih. Sedengkeun pikeun anu maca atawa anu ngaregepkeun kawih, unsur kawih bisa jadi pedoman pikeun neuleuman atawa nganalisa hiji kawih.
Nu dimaksud unsur rasa anu aya dina hiji kawih nyaeta gambaran sikep anu ngawih ngeunaan poko pasualan anu aya dina rumpaka hiji kawih. Kusabab kitu, rasa nu aya dina hiji kawih bakal karasa waktu eta kawih dihaleuangkeun. Sedengkeun anu dimakud unsur amanat nu aya dina hiji kawih nyaeta pasualan atawa perkara anu hayang ditepikeun ku anu ngawih atawa anu ngarang kawih ka anu ngaregepkeun atawa anu maca kawih.
Umpama ditilik tina eusina, kawih teh mangrupakeun wangun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Puisi Sunda, bisa dikelompokkeun jadi dua kelompok, nyaeta puisi Sunda anu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita, salian ti kawih, nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, kakawihan jeung sajak.