1. Sebutan 5 conto gaya basa lalandian! 2. Teangan hiji kakawihan! 3. Teangan hiji sajak sunda tina koran/ majalah!
ilukman
1. Lalandian mangrupakeun gaya basa anu ngebrehkeun hiji hal ku make babandingan atawa ku mere panglandi. Lalandian mangrupakeun gaya basa anu ngabandingkeun hiji barang ku barang lianna anu ngabogaan sifat sarua atawa ampir sarua. Lalandian kadang patukeur jeung babasan. Lalandian dina sababaraha hal ampir sarua jeung babasan. Gaya basa lalandian disebut oge gaya basa metafora.
Babasan nyaeta sababaraha susunan kecap anu ngabogaan harti anu teu sarua jeung harti sawajarna. Babasan, salian ti ngabogaan harti denotasi, oge ngabogaan harti konotasi. Bisa jadi sakabeh lalandian oge mngrupakeun babasan, tapi henteu sakabeh babasan mangrupakeun lalandian.
Supaya gampil dina nyieun conto lalandian, kudu diinget yen lalandian teh nyaeta "ngabandingkeun hiji barang ku barang lianna anu ngabogaan sifat anu sarua atawa ampir sarua". Jadi babasan saperti panjenag leungeun, amis budi, jeung hampang birit, kurang tepat umpama disebut lalandian. Di handap ieu 5 conto lalandian jeung hartina :
a. Wayang Pangsisina hartina jalma gede tapi euweuh gawe. b. Si Gegep hartina kiper sepak bola anu sigep atawa anu hade. c. Arjuna hartina lalaki anu kasep. d. Carangka Runtah hartina jelema anu resep kana sagala kadaharan naon wae, sagala bres. e. Si Congcorang hartina jalma anu awakna kacida begangna.
2. Kakawihan nyaeta lalaguan bebas Sunda. Kakawihan disebut lalaguan bebas Sunda, sabab kekecapan anau aya dina kakawihan henteu kaiket aturan saperti nu aya dina pupuh. Jadi, kakawihan nyaeta lalaguan bebas Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti nu aya dina pupuh. Ciri khas lianna tina kakawihan, kakawihan biasa dilagukeun bari ulin atawa bari digawe. Conto kakawihan Sunda saperti :
3. Sajak nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti nu aya dina pupuh. Kusabab kitu dina munggaran gelarna, sajak sok disebut sajak bebas. Sajak henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti nu aya dina pupuh. Dina munggaran gelarna, sajak kurang bisa ditarima dina sastra Sunda, sanajan sabenerna dina sastra atawa kasenian Sunda oge geus aya wangun puisi anu teu kaiket ku aturan, saperti kawih jeung kakawihan. Tapi ahirna mah sajak oge bisa ditarima jeung hirup dina sastra Sunda. Di handap ieu hiji conto sajak Sunda :
HUJAN POYAN Ku: Apip Mustopa
Deuleu, panonpoe huhujanan Boa pohaci marandi
Ieung, panonpoe teh cirambay Boa aya nu digupay
Sssttt, geuing ieu hujan poyan Boa karuhun keur moyan
Babasan nyaeta sababaraha susunan kecap anu ngabogaan harti anu teu sarua jeung harti sawajarna. Babasan, salian ti ngabogaan harti denotasi, oge ngabogaan harti konotasi. Bisa jadi sakabeh lalandian oge mngrupakeun babasan, tapi henteu sakabeh babasan mangrupakeun lalandian.
Supaya gampil dina nyieun conto lalandian, kudu diinget yen lalandian teh nyaeta "ngabandingkeun hiji barang ku barang lianna anu ngabogaan sifat anu sarua atawa ampir sarua". Jadi babasan saperti panjenag leungeun, amis budi, jeung hampang birit, kurang tepat umpama disebut lalandian. Di handap ieu 5 conto lalandian jeung hartina :
a. Wayang Pangsisina hartina jalma gede tapi euweuh gawe.
b. Si Gegep hartina kiper sepak bola anu sigep atawa anu hade.
c. Arjuna hartina lalaki anu kasep.
d. Carangka Runtah hartina jelema anu resep kana sagala kadaharan naon wae, sagala bres.
e. Si Congcorang hartina jalma anu awakna kacida begangna.
2. Kakawihan nyaeta lalaguan bebas Sunda. Kakawihan disebut lalaguan bebas Sunda, sabab kekecapan anau aya dina kakawihan henteu kaiket aturan saperti nu aya dina pupuh. Jadi, kakawihan nyaeta lalaguan bebas Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti nu aya dina pupuh. Ciri khas lianna tina kakawihan, kakawihan biasa dilagukeun bari ulin atawa bari digawe. Conto kakawihan Sunda saperti :
Perepet Jengkol
Perepet jengkol jajahean
Kadempet kohkol jejeretean
Eh jaja eh jaja eh jaja eh jaja
3. Sajak nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti nu aya dina pupuh. Kusabab kitu dina munggaran gelarna, sajak sok disebut sajak bebas. Sajak henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti nu aya dina pupuh. Dina munggaran gelarna, sajak kurang bisa ditarima dina sastra Sunda, sanajan sabenerna dina sastra atawa kasenian Sunda oge geus aya wangun puisi anu teu kaiket ku aturan, saperti kawih jeung kakawihan. Tapi ahirna mah sajak oge bisa ditarima jeung hirup dina sastra Sunda. Di handap ieu hiji conto sajak Sunda :
HUJAN POYAN
Ku: Apip Mustopa
Deuleu, panonpoe huhujanan
Boa pohaci marandi
Ieung, panonpoe teh cirambay
Boa aya nu digupay
Sssttt, geuing ieu hujan poyan
Boa karuhun keur moyan