Lengkepan sisindiran dihandap, boh bagian eusina boh bagian cangkangna! 1. Di dieu loba kaliki, Kaliki buahna pait .................................... ....................................
ilukman
Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran kaasupna kana wangun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra, sajak jeung gugurita. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita pantun jeung wawacan.
Umpama ditilik tina eusi atawa maksud hiji sisindiran, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy, sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, jeung sisindiran anu eusina mangrupa silihasih. Sedengkeun umpama ditilik tina wangun kekecapannana, aya sisindiran anu disebut paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Di handap ieu nyaeta eusi salengkepna tina sisindiran anu ditanyakeun:
Didieu loba kaliki, hanjakal teu baruahan, Di dieu loba lalaki, hanjakal teu aruyahan.
Umpama ditilik tina wangun kekecapan jeung eusi sisindiran di luhur, eta sisindiran teh kaasupna kana sisindiran rarakitan, sedengkeun eusi eta sisindiran teh mangrupa sisindiran sesebred atawa heureuy. Umpama dina sastra Indonesia, sisindiran teh sarua atawa sarupa jeung pantun. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan.
Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang jeung aya oge bagean anu disebut eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, padalisan kadua mangrupakeun eusi.
Umpama ditilik tina eusi atawa maksud hiji sisindiran, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy, sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, jeung sisindiran anu eusina mangrupa silihasih. Sedengkeun umpama ditilik tina wangun kekecapannana, aya sisindiran anu disebut paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Di handap ieu nyaeta eusi salengkepna tina sisindiran anu ditanyakeun:
Didieu loba kaliki,
hanjakal teu baruahan,
Di dieu loba lalaki,
hanjakal teu aruyahan.