ilukman
Kiwari geus sacara resmi ditangtukeun yen dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa jeung anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma digunakeun pikeun nyarita saperti jeung babaturan anu geus akrab atawa anu geus loma.
Dina ngagunakeun basa Sunda, kudu diusahakeun yen ragam basa anu digunakeun merenah. Ragam basa Sunda anu aya ayeuna nyaeta ragam basa anu geus disaderhanakeun. Sabab dina jaman baheula mah dina basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa. Di handap ieu nyaeta sawatara kecap anu mangrupakeun kecap lemes, kasar atawa bisa lemes jeung bisa kasar. Kusabab kitu dina nyieun conto kalimah kudu disaluyukeun jeung eta rupa kecapna.
1. Kedaling hartina nyaeta ngucapkeun. Conto kalimahna "Dina poe lebaran biasana urang silih kedaling hahampuraan". 2. Widi hartina izin (lemes). Conto kalimahna "Simkuring bade nyuhunkeun widi ka palawargi sadayana wirehna simkuring bade ngadangdosan rorompok, bilih palawargi sadayana ngaraos kaganggu, simkuring nyuhunkeun dihapunten". 3. Lungsur-Langsar hartina lancar atawa gancang anggeus. Conto kalimahna "Nyuhunkeun piduana ka sadayana, mugi pun adi teh lungsar-langsar dina ngalahikeunnana". 4. Sakumna hartina nyaeta sakabeh. Conto kalimahna "Parentah sholat teh ditujeukeun ka sakumna umat Islam". 5. Rengrengan hartina susunan. Conto kalimahna "Rengrengan panitina pasanggiri teh dieusi ku murid-murid". 6. Gempungan hartina nyaeta kumpulan atawa rapat. Conto kalimahna "Dumasar kana hasil gempungan Panata Calagra, kagiatan Pasanggiri Sajak baris diayakeun dina bulan hareup" 7. Pasanggiri hartina lomba dina widang kabudayaan. Conto kalimahna "Dina minggu hareup baris diayakeun Pasanggiri Lalaguan Sunda" 8. Patandang hartina peserta atawa anu milu maju atawa tampil. Conto kalimaha "Anu jadi patandang dina Pasanggiri Kakakwihan teh nyaeta sakabeh murid-murid". 9. Bongbolongan hartina nyaeta bantuan. Conto kalimahna "Sanggeus meunang bongbolongan, boh moril boh materil, ti lanceukna, jang Amir ngarasa hampang dina nyanghareupan hirupna teh ayeuna mah". 10. Utag-atog hartina leumpangna totolonjongan, siga rek nabrak. Conto kalimahna "Ari keur di nu poek mah, leumpang teh tangtu utag-atog teu nyaho di jalan". 11. Munggaran hartina awal. Conto kalimahna "Sajak teh dina munggaran aya dina sastra Sunda teh loba anu pro jeung kontra na". 12. Wewengkon hartina daerah. Conto kalimahna "Kasenian debus teh ayana di wewengkon Banten". 13. Tarekah hartina upaya, usaha. Conto kalimahna "Sanajan eta masalah teh kacida beuratna, tapi ari ku tarekah anu bener jeung do'a anu henteu eureun mah ahirna sagala masalah bisa leungit". 14. Jati diri hartina pamadegan anu jelas. Conto kalimahna "Ari geus gede mah kudu boga jati diri, ulah sok gampil kabula-kabale teu puguh". 15. Aub hartina miluan. Conto kalimahna "Jaman baheula mah loba jalma anu aub kana paperangan teh kusabab memang niatna ikhlas keur kamerdekaan Indonesia". 16. Reueus hartina bangga. Conto kalimahna "Kuring ngarasa reueus nempo anjeun bisa maju dina kahirupan teh". 17. Linuhung hartina luhur budi atawa mulia. Conto kalimahna "Ari ngahormat ka guru jeung ka kolot teh kacida linuhung". 18. Aheng hartina aneh, ajaib atawa ngaherankeun. Conto kalimahna "Eta asa aheng ningali warga Bandung kiwari resep kana maen langlayangan". 19. Harengheng hartina rarasaan henteu bungah kulantaran loba ngadenge warta anu kurang alus. Conto kalimahna "Kuring mah kiwari teh asa harengheng ngadenge jeung nempo warta anu aneh-aneh jeung matak pikahariwangeun". 20. Ngariksa hartina ngajaga. Conto kalimahna "Anu kudu ngariksa Tanah Sunda teh tangtu kudu urang Sunda deui, ari miharep ka batur mah moal tangtu".
Dina ngagunakeun basa Sunda, kudu diusahakeun yen ragam basa anu digunakeun merenah. Ragam basa Sunda anu aya ayeuna nyaeta ragam basa anu geus disaderhanakeun. Sabab dina jaman baheula mah dina basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa. Di handap ieu nyaeta sawatara kecap anu mangrupakeun kecap lemes, kasar atawa bisa lemes jeung bisa kasar. Kusabab kitu dina nyieun conto kalimah kudu disaluyukeun jeung eta rupa kecapna.
1. Kedaling hartina nyaeta ngucapkeun. Conto kalimahna "Dina poe lebaran biasana urang silih kedaling hahampuraan".
2. Widi hartina izin (lemes). Conto kalimahna "Simkuring bade nyuhunkeun widi ka palawargi sadayana wirehna simkuring bade ngadangdosan rorompok, bilih palawargi sadayana ngaraos kaganggu, simkuring nyuhunkeun dihapunten".
3. Lungsur-Langsar hartina lancar atawa gancang anggeus. Conto kalimahna "Nyuhunkeun piduana ka sadayana, mugi pun adi teh lungsar-langsar dina ngalahikeunnana".
4. Sakumna hartina nyaeta sakabeh. Conto kalimahna "Parentah sholat teh ditujeukeun ka sakumna umat Islam".
5. Rengrengan hartina susunan. Conto kalimahna "Rengrengan panitina pasanggiri teh dieusi ku murid-murid".
6. Gempungan hartina nyaeta kumpulan atawa rapat. Conto kalimahna "Dumasar kana hasil gempungan Panata Calagra, kagiatan Pasanggiri Sajak baris diayakeun dina bulan hareup"
7. Pasanggiri hartina lomba dina widang kabudayaan. Conto kalimahna "Dina minggu hareup baris diayakeun Pasanggiri Lalaguan Sunda"
8. Patandang hartina peserta atawa anu milu maju atawa tampil. Conto kalimaha "Anu jadi patandang dina Pasanggiri Kakakwihan teh nyaeta sakabeh murid-murid".
9. Bongbolongan hartina nyaeta bantuan. Conto kalimahna "Sanggeus meunang bongbolongan, boh moril boh materil, ti lanceukna, jang Amir ngarasa hampang dina nyanghareupan hirupna teh ayeuna mah".
10. Utag-atog hartina leumpangna totolonjongan, siga rek nabrak. Conto kalimahna "Ari keur di nu poek mah, leumpang teh tangtu utag-atog teu nyaho di jalan".
11. Munggaran hartina awal. Conto kalimahna "Sajak teh dina munggaran aya dina sastra Sunda teh loba anu pro jeung kontra na".
12. Wewengkon hartina daerah. Conto kalimahna "Kasenian debus teh ayana di wewengkon Banten".
13. Tarekah hartina upaya, usaha. Conto kalimahna "Sanajan eta masalah teh kacida beuratna, tapi ari ku tarekah anu bener jeung do'a anu henteu eureun mah ahirna sagala masalah bisa leungit".
14. Jati diri hartina pamadegan anu jelas. Conto kalimahna "Ari geus gede mah kudu boga jati diri, ulah sok gampil kabula-kabale teu puguh".
15. Aub hartina miluan. Conto kalimahna "Jaman baheula mah loba jalma anu aub kana paperangan teh kusabab memang niatna ikhlas keur kamerdekaan Indonesia".
16. Reueus hartina bangga. Conto kalimahna "Kuring ngarasa reueus nempo anjeun bisa maju dina kahirupan teh".
17. Linuhung hartina luhur budi atawa mulia. Conto kalimahna "Ari ngahormat ka guru jeung ka kolot teh kacida linuhung".
18. Aheng hartina aneh, ajaib atawa ngaherankeun. Conto kalimahna "Eta asa aheng ningali warga Bandung kiwari resep kana maen langlayangan".
19. Harengheng hartina rarasaan henteu bungah kulantaran loba ngadenge warta anu kurang alus. Conto kalimahna "Kuring mah kiwari teh asa harengheng ngadenge jeung nempo warta anu aneh-aneh jeung matak pikahariwangeun".
20. Ngariksa hartina ngajaga. Conto kalimahna "Anu kudu ngariksa Tanah Sunda teh tangtu kudu urang Sunda deui, ari miharep ka batur mah moal tangtu".