Langlayangan teh mani luhur ngalanglaung. Kecap luhur ngalanglaung nyaeta kecap anu sok disebut kecap panganteb. Kecap panganteb nyaeta pikeun ngantebkeun kecap anu dimaksud. Conto kecap panganteb lianna, salian ti luhur ngalanglaung , nyaeta saperti pendek pecekrek, endah kabina-bina, jagjag waringkas, ceurik ngabangingik
Penjelasan:
Salian kecap panganteb, dina basa Sunda aya oge nu disebut kecap panganteur atawa kecap anteuran. Conto kecap panganteur nayeta saperti gek diuk, semprung ngapung, barakatak atawa seuri, dug ngedeng, pok ngomong, reup saré, kencling indit, berebet lumpat, bral miang, jeung sajabana ti eta.
Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Kecap panganteur jeung kecap panganteb umumna bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma.
Jawaban: