ilukman
Kakawihan asal kecapna tina kawih. Kawih hartina lalaguan Sunda bebas anu henteu pati kaiket ku aturan. Kitu oge kakawihan, nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu pati kaiket ku aturan. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta, kakawihan mah sok biasa dilagukeun pikeun ulin atawa digawe, sedengkeun kawih dilagukeunana saperti lagu biasa.
Umpama ditilik tina kekecapanana, kawih jeung kakawihan sarua jeung sajak, nyaeta mangrupakeun wangun puisi Sunda anu teu kaiket ku aturan saperti aturan nu aya dina pupuh. Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Kusabab kawih, kakawihan jeung sajak teu kaiket ku aturan, kawih jeung kakawihan sok disebut "lalaguan Sunda bebas", jeung sajak dina mangsa munggaranana kungsi disebut "sajak bebas".
Sanajan kakawihan teu pati kaiket ku aturan anu disebut guru lagu jeung guru wilangan, kakawihan sok dipasing-pasing jadi sawatara golongan, diantarana aya kakawihan wangun paparikan, kakawihan laras wekas, kakawihan monodn kawit. Aturan anu aya dina unggal golongan kawih ngabogaan aturan masing-masing, henteu siga aturan guru lagu jeung guru wilangan saperti dina pupuh atawa sisindiran.
Kakawihan laras wekas nyaeta kakawihan anu murwakanti engang tungtung, boh dina kekecapan anu aya dina saungkara atawa sakalimat boh dina kekecapan dina antar padalisan. Conto kakawihan laras wekas nyaeta kakawihin "Eundeuk-eundeukan di handap ieu :
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku nini beunang deui ku aki

Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
beunang deui ku aki