Es lilin mah,, aduh, kalapa muda dibantun mah dibantun ka Sukajadi abdi isin ceuceu samar kaduga sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
tina kawih di luhur, analisis guru jeung guru wilanganna ?
ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih Kelas : VIII (2 SMP) Pembahasan :
Kawih nyaeta salahsahiji lalaguan Sunda. Aya sawatara lalguan Sunda nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang oge kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina hiji padalisan puisi, saperti pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Kusabab kawih jeung kakawihan mah teu kaiket ku aturan, kukituna kawih jeung kakawihan mah sabenerna teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Sanajan kawih teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, unggal rumpaka kawih tetep guru wilangan jeung guru laguna bisa dianalisa. Di handap ieu nyaeta guru wilangan jeung guru lagu tina hiji bait kawih Es Lilin :
Es lilin mah aduh kalapa muda (11-a) dibantun mah dibantun ka Sukajadi (12-i) abdi isin ceuceu samar kaduga (11-a) sok sieun mah aduh henteu ngajadi (11-i)
Sanajan kawih teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, dina rumpaka kawih oge aya sawatara unsur nu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih. Unsur-unsur nu aya dina rumpaka kawih nyaeta saperti unsur-unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Kawih nyaeta salahsahiji lalaguan Sunda. Aya sawatara lalguan Sunda nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang oge kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina hiji padalisan puisi, saperti pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Kusabab kawih jeung kakawihan mah teu kaiket ku aturan, kukituna kawih jeung kakawihan mah sabenerna teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Sanajan kawih teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, unggal rumpaka kawih tetep guru wilangan jeung guru laguna bisa dianalisa. Di handap ieu nyaeta guru wilangan jeung guru lagu tina hiji bait kawih Es Lilin :
Es lilin mah aduh kalapa muda (11-a)
dibantun mah dibantun ka Sukajadi (12-i)
abdi isin ceuceu samar kaduga (11-a)
sok sieun mah aduh henteu ngajadi (11-i)