Naon sababna basa Sunda atawa basa daerah anu sejenna condong ku hese majuna ti batan basa Indonesia ?. Naha kitu pedah basa Indonesia mah leuwih loba anu ngagunakeunnana ti batan basa Sunda atawa basa daerah sejenna ?. Bisa jadi eta teh ngarupakeun salah sahiji sabab kunaon basa Indonesia bisa leuwih maju ti batan basa Sunda jeung basa daerah anu sejenna. Tapi, nu jadi sabab hiji basa bisa leuwih maju atawa bisa tahan tina kapunahan teh lain ngan saukur pedah loba nu ngagunakeunnana wae, tapi aya sababaraha sabab sejenna, diantarana nyaeta kulantaran anu sok ngagunakeun eta basa teh boga karesep jeung kareueus kana eta basa.
Loba nu ngabogaan pendapat yen basa Sunda hese maju teh kulantaran basa Sunda mah leuwih juwet atawa rumit ti batan basa Indonesia. Sanajan loba nu boga pendapat kitu, eta pendapat kitu teh bisa jadi salah, sabab lamun dina soal rumit mah, kurang kumaha rumitna eta tata basa Inggris dibandingkeun jeung tata basa Indonesia. Geuning dina basa Indonesia mah euweuh jenis kalimah atawa tenses nu beda-beda. Dina basa Indonesia mah, ayeuna dahar, kamari dahar, isuk oge sarua dahar, pan ari dina basa Inggris mah kecap dahar teh beda-beda nyebutna lamun waktuna beda. Malahan bisa jadi rumitna hiji basa teh bisa ngarupakeun daya tarik atawa tantangan anu menarik keur dileukeunan.
Lamun urang nempo kana basa Perancis atawa basa Jepang, sanajan meureun eta basa teh relatif kaasup rumit, tapi kulantaran jalmana boga karesep jeung kareueus keur ngalestarikeun basa maranehannana, nepi ka ayeuna maranehannana teh bisa bertahan ngagunakan basa sorangan tur reueus. Jadi masalah karesep jeung kareueus dina ngagunakeun hiji basa, mangrupakeun sabab anu utama hiji basa bisa maju. Malahan di sabagian urang barat mah aya anggapan yen lamun maranehannana bisa ngagunakeun basa Perancis, eta teh ngarupakeun kareueus jeung dianggap leuwih elit.
Eta geus ngarupakeun hiji hal anu pasti, yen urang Perancis mah memang reueus pisan kana basa marahanehannana teh, tapi aya hal sejenna anu menarik nyaeta di Perancis mah aya otoritas anu ngabogaan tugas pikeun miara kalestarian basa Perancis. Eta otoritas teh geus aya di Perancis ti mimiti taun 1600-an. Jadi urang Perancis mah memang geus ti bahala boga kasadaran yen ngalestarikeun basa teh kacida pentingna. Kitu oge dina basa Sunda, sigana perlu aya inisiatip ti pamarentah keur ngalestarikeun basa Sunda. Jadi, lain masalah rumit jeung saeutikna nu ngagunakeun hiji basa nu ngajadikeun hiji basa hese maju teh, tapi ayana niat, karesep jeung kareueus ti masyarakat nu ngabogaan eta basa.
Basa Sunda teh basa urang sarerea, ku kituna hayu urang ngalestarikeun eta basa. Ayana nu dianggap karumitan basa teh ulah jadi penghambat keur urang mikaresep kana basa urang sarerea. Lamun teu ku urang dimimitian, rek ku saha deui, da batur mah meureun moal aya kapentingan jeung katertarikan kana kamajuan basa urang sarerea. Jadi, ayana anggapan karumitan basa atawa aya kasieun urang salah ucap teh ulah dijadikeun alasan urang haroream ngagunakeun basa Sunda. Ayana anggapan karumitan basa teh malahan bisa dijadikeun sumangat ka urang pikeun ngaleukeunan basa Sunda, sabab lamun urang geus ngarti, nyaho jeung bisa ngarasakeun kaendahan basa Sunda, tangtu urang bakal bisa leuwih resep jeung reueus kana basa karuhun urang sarerea.