Contoh biantara basa sunda tema "Pamuda Harepan Bangsa "....
ilukman
Umpama dina basa Indonesia, biantara disebutna pidato. Biantara nyaeta nepikeun hiji kedalan atawa cacaritaan di hareupeun jalma rea. Biantara anu ditepikeun di hareupeun jalma rea eta biasana disusun merenah jeung rapih. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara, nyaeta resmi jeung biantara teu resmi. Biantara dina nepikeunnana miboga sifat anu monologis, nyaeta cacaritaan atawa kedalan ditepikeun sacara saarah.
Biantara biasa direspon ku pala hadirin ngan saukur ku ngangguk, ngagodeg atawa keprok. Sanajan kitu, dina biantara anu henteu resmi, kadang-kadang aya respon anu leuwih bebas, kadang aya oge hadirin anu nepi ka seuseurian umpama aya kedalan atawa cacaritaan anu pikaseurieun anu ditepikeun dina eta biantara. Struktur biantara sacara umum nyaeta bubuka, eusi, kacindekan atawa kasimpulan.
Dina basa Sunda, aya dua tingkatan atawa ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu geus akrab, saperti jeung babaturan anu geus akrab atawa loma. Di handap ieu nyaeta conto biantara anu temana pamuda harepan bangsa, sarta anu ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes:
Assalamualaikum wr. wb.
Bapa miwah Ibu Guru anu ku simkuring dipikahormat, rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta. Alhamdulillah, dina dinten ieu, urang sadayana tiasa kempel dina raraga mieling Hari Sumpah Pemuda. Saluyu sareng ieu waktos, simkuring salaku wakil murid sadayana dipasihan tugas kanggo nyarios di payunan pala hadirin sadayana, perkawis anu aya patalina sareng kapamudaan.
Urang salaku pamuda teh, upami ditilik tina bagian masarakat anu aya, mangrupikeun bagian anu dipikaharep ku sadaya anggota masarakat supados ngajagi kalanggengan bangsa urang sadayana. Urang sadayana salaku pamuda, dipasihan amanah janten pamuda harepan bangsa.
Salaku pamuda harepan bangsa, urang sadayana teh kedah sadar wirehna nasib bangsa urang ka payun mangrupikeun tanggel waler sareng tugas urang sadayana. Ku kituna, urang sadayana kedah terang kinten-kintenna naon anu kedah ku urang sadayana dilakukeun kanggo ngajagi nagara sareng bangsa urang.
Urang sadayana salaku pamuda oge salaku pelajar, anu tos tangtos sareng jelas mah, kedah sadar wirehna anu janten tugas pokok urang sadayana teh nyaeta kedah diajar soson-soson. Ku jalan urang diajar soson-soson urang bakal tiasa gaduh elmu anu luhur, anu ahirna urang bakal tiasa ngiring ngajagi kalangsungan bangsa urang. Margi elmu teh mangrupikeun sanjata anu paling ampuh kanggo ngajagi bangsa sareng nagara urang sadayana.
Urang sadayana tangtos parantos uninga, wirehna waktos teh moal tiasa dimundurkeun sareng dimajengkeun. Ku kituna urang kedah tiasa ngajenan waktos. Urang kedah tiasa ngamangpaatkeun waktos urang anu aya. Waktos anu aya teh kedah dianggo ku urang leres-leres, diantawisna dianggo kanggo diajar anu soson-soson. Urang ulah dugi ka hanjakal engkena ku margi henteu ngamangpaatkeun waktos anu dipasihan ka urang sadayana.
Salajengna, di jaman ayeuna mah urang henteu kedah mung diajar di sakola wae, di jaman ayeuna mah urang tiasa diajar di mana wae, Kantenan ayeuna mah, kuayana fasilitas Internet, urang tiasa akses informasi atanapi bahan pangajaran di mana sareng iraha wae. Ku ayana fasilitas Internet anu kadieunakeunnana teras langkung sae wae, eta ku urang kedah dimagpaatkeun kanggo kagiatan anu gaduh mangpaat ka urang sadayana, sapertos ngamangpaatkeun Internet kanggo urang diajar.
Rupina kitu cariosan ti simkuring salaku wakil murid sadayana dicekapkeun dugi ka dieu. Sanaos cariosannana pondok, mugi-mugi bae cariosan simkuring aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Kirang langkungna simkuring nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum wr. wb.