Liburan semester ayeuna mah béda jeung semester-semester nu geus kaliwat. Teu bisa ulin ka mamana sabab kaayaan di nagara keur maceuh wabah corona. Pamaréntah nganjurkeun sangkan caricing di imah.
Ari sabenerna mah geus rada bosen cicing waé di imah téh, sabab geus lila teu ka sakola. Semester kamari pan sakola ogé di imah, nyéta nu disebut daring téa. Ngan daék teu daék kuring kudu ngagugu kana palaturan nu geus ditangtukeun sangkan awak séhat tur salamet.
Salila peré téh kuring éstuning cicing di imah waé. Unggal isuk-isuk sok mantuan kolot bébérés di imah, sabangsaning sasapu, ngepél, nyeuseuh, jeung ngumbah wadah. Pabeubeurang sok ngurus pepelakan di buruan. Sakapeung sok milu ka bapa ka kebon. Lamun teu kitu, nguseup di balong. Kitu jeung kitu wé geus sababara poé téh.
Hiji mangsa mah milu ka sawah ka mamah nganteuran nu ngagaru. Sabot nu digarawé keur dalahar, kuring guyang bari nyimbeuhan munding. Basa awakna diceprét, munding ajrét-ajrétan gagah nepika kuring ampir katubruk. Awak kuring lamokot ku leutak, mamah gegerewekan reuwaseun bari nyarékan. Untungna tukang ngagaru rikat ngajewang tambang munding. Ti harita mah kuring kapok ngaheureuyan deui munding.
Balik ka imah téh kapaksa kudu nyeuseuh baju anu béak lamokot ku leutak sawah. Jaba caina kiruh da puguh caina ngaliwat ka sawah anu tadi digaru. Untungna teu jauh ti imah aya ciliang, kapaksa kuring ngunjalan cai kana émbér.
Pangalaman éta téh jadi pangalaman anu moal bisa poho satuntung hirup. Pikareuwasan dina waktu harita mah, ngan lamun inget sok seuri sorangan.

SEMOGA MEMBANTU....
JADIKAN JAWABAN TERCERDAS....