1.Lengkepan ieu sisindiran sapanjang jalan ci pulus ulah wara...... 2.jieun 2 pada guguritan dina wangun pupuh mas kumambang eusina ngenaan kerusakan alam
ilukman
Sisindiran jeung guguritan nyaeta mangrupakeun karya sastra Sunda wangun puisi anu kaiket ku aturan. Aturan nu ngiket sisindiran jeung guguritan sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Sacara singget, anu dimaksud guru lagu nyaeta aturan anu aya hubunganana jeung sora tungtung engang atawa suku kata unggal baris. Sedengkeun guru wilangan nyaeta aturan anu aya hubunganana jeung jumlah engang dina unggal baris jeung jumlah baris dina unggal pada atawa bait.
Umpama ditilik tina eusina, puisi Sunda dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok puisi anu eusina mangrupa carita jeung kelompok puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran jeung guguritan teh mangrupakeun puisi Sunda anu kaasup puisi anu henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu kaasup kelompok puisi anu mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengleun conto puisi Sunda lianna anu henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra jeung kakawihan.
Sisindiran, umpama dina basa Indonesia mah sarua hartina jeung pantun. Tapi istilah pantun dina basa Indonesia beda jeung istilah carita pantun nu aya dina basa Sunda. Ditilik tina wangun kekecapanana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa tujuannana, aya tilu rupa eusi sisindiran, nyaeta sisindiran anu mangrupa piwuruk, silihasih jeung sesebred atawa heureuy.
Umpma ditilik tina wangun kekecapanana, paparikan jeung rarakitan sarua ngabogaan opat baris dina unggal padana. Baris kahiji jeung baris kadua paparikan jeung rarakitan mangrupakeun cangkang, sedengkeun baris katilu jeung baris kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun wawangsalan ngan saukur ngabogaan dua baris dina unggal padana, baris kahiji mangrupakeun cangkang jeung baris kadua mangrupakeun eusi.
Di handap ieu eusi lengkepna tina sisindiran anu dimaksud. Sisindiran anu dimaksud mangrupakeun sisindiran jenis rarkitan. Anu nyirikeun yen hiji sisindiran kaasup rarakitan, nyaeta dina sapada aya opat baris, aya minimal hiji kecap awal unggal baris anu diulang dina baris lianna, jeung aya purwakanti dina tungtung engang tungtung kecap unggal baris. Ciri-ciri anu sarua antara paparikan jeung rarakitan nyaeta dina purwakanti dina tungtung engang tungtung kecap unggal barisna :
Sapanjang jalan Cipulus ulah wara dimandian Sapanjang urang can lulus ulah wara hahadean.
Guguritan mangrupakeun puisi Sunda nu kaiket ku aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh jumlahna aya 17 pupuh. Tina 17 pupuh eta dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok Sekar Ageung jeung kelompok Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya 4 rupa pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 14 rupa pupuh.
Sekar Ageung nyaeta rupa pupuh anu bisa dilagukeun ku leuwih ti hiji rupa tembang. Sedengkeun Sekar Alit nyaeta rupa pupuh anu biasa dilagukeun ngan saukur ku hiji rupa tembang wungkul. Pupuh maskumambang teh kaasup pupuh nu aya dina kelompok Sekar Alit.
Guguritan dina wangun pupuh maskumambang ngabogaan guru lagu jeung guru wilangan 12i, 6a, 8i, 8a. Sedengkeun watek nu biasana aya dina pupuh maskumambang nayeta watek nyeri, nalangsa, atawa peurih. Di handap ieu contoh guguritan dina wangun pupuh maskumambang anu eusina ngeunaan karuksakan alam :
Leuweung Anu Diruksak
Leuweung kiwari diruksak dinyenyeri (12-i) ruksakna kacida (6-a) kacidana matak sedih (8-i) nepi ka teu walakaya (8-a)
Leuweung anu pikeun pamuntangan cai (12-i) kiwari mah beda (6-a) leuweung digupay ku cai (8-i) cai mangrupa bencana (8-a).
Umpama ditilik tina eusina, puisi Sunda dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok puisi anu eusina mangrupa carita jeung kelompok puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran jeung guguritan teh mangrupakeun puisi Sunda anu kaasup puisi anu henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu kaasup kelompok puisi anu mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengleun conto puisi Sunda lianna anu henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra jeung kakawihan.
Sisindiran, umpama dina basa Indonesia mah sarua hartina jeung pantun. Tapi istilah pantun dina basa Indonesia beda jeung istilah carita pantun nu aya dina basa Sunda. Ditilik tina wangun kekecapanana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa tujuannana, aya tilu rupa eusi sisindiran, nyaeta sisindiran anu mangrupa piwuruk, silihasih jeung sesebred atawa heureuy.
Umpma ditilik tina wangun kekecapanana, paparikan jeung rarakitan sarua ngabogaan opat baris dina unggal padana. Baris kahiji jeung baris kadua paparikan jeung rarakitan mangrupakeun cangkang, sedengkeun baris katilu jeung baris kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun wawangsalan ngan saukur ngabogaan dua baris dina unggal padana, baris kahiji mangrupakeun cangkang jeung baris kadua mangrupakeun eusi.
Di handap ieu eusi lengkepna tina sisindiran anu dimaksud. Sisindiran anu dimaksud mangrupakeun sisindiran jenis rarkitan. Anu nyirikeun yen hiji sisindiran kaasup rarakitan, nyaeta dina sapada aya opat baris, aya minimal hiji kecap awal unggal baris anu diulang dina baris lianna, jeung aya purwakanti dina tungtung engang tungtung kecap unggal baris. Ciri-ciri anu sarua antara paparikan jeung rarakitan nyaeta dina purwakanti dina tungtung engang tungtung kecap unggal barisna :
Sapanjang jalan Cipulus
ulah wara dimandian
Sapanjang urang can lulus
ulah wara hahadean.
Guguritan mangrupakeun puisi Sunda nu kaiket ku aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh jumlahna aya 17 pupuh. Tina 17 pupuh eta dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok Sekar Ageung jeung kelompok Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya 4 rupa pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 14 rupa pupuh.
Sekar Ageung nyaeta rupa pupuh anu bisa dilagukeun ku leuwih ti hiji rupa tembang. Sedengkeun Sekar Alit nyaeta rupa pupuh anu biasa dilagukeun ngan saukur ku hiji rupa tembang wungkul. Pupuh maskumambang teh kaasup pupuh nu aya dina kelompok Sekar Alit.
Guguritan dina wangun pupuh maskumambang ngabogaan guru lagu jeung guru wilangan 12i, 6a, 8i, 8a. Sedengkeun watek nu biasana aya dina pupuh maskumambang nayeta watek nyeri, nalangsa, atawa peurih. Di handap ieu contoh guguritan dina wangun pupuh maskumambang anu eusina ngeunaan karuksakan alam :
Leuweung Anu Diruksak
Leuweung kiwari diruksak dinyenyeri (12-i)
ruksakna kacida (6-a)
kacidana matak sedih (8-i)
nepi ka teu walakaya (8-a)
Leuweung anu pikeun pamuntangan cai (12-i)
kiwari mah beda (6-a)
leuweung digupay ku cai (8-i)
cai mangrupa bencana (8-a).