Sekedar Jawaban Latihan 2 Bahasa Sunda Pangajaran 1 Kawih: 1. sétra hartina beresih , suci, tempat suci, daérah médan perang Larapna dina kalimah: a. Néng Intan mah keur geulis téh putih ati sétra manah. b. Lamun hayang hirup tengtrem kudu sétra pipikiran. 2. Lemah hartina taneuh tempat dijurukeun atawa nagara asal Larapna dina kalimah: a. Indonésia lemah cai kuring. b. Bandung lemah kadeudeuh. 3. cikal bugang hartina cikal nu hirup/lanceukna nu pangheulana dijurukeun, maot. Dina kawih mah ngandung harti konotatif. Muhamad Toha dianggap cikal bugang, lantaran pangorbananana ngahuru sumanget pajuang Jawa Barat séjénna pikeun tandang ngalawan nu ngajajah. Larapna dina kalimah: a. Bung Karno téh cikal bugangna bangsa Indonésia. b. Pa Harto cikal bugangna pangawangunan di Indonésia. 4. Patriot hartina... 5. mangkak hartina kembang nu tadina kocop mekar/muka. Larapna dina kalimah: a. Leuh kembang eros beureum keur meumeujeuhna mangkak, mani éndah pisan. b. Kembang samoja mangkak luhur kuburan 6. ligar hartina kembang nu geus muka, nepi ka kekebulna, kukumisanana (gagang kekebul) di jero témbong; sawaréh kembang ligar sok seungit jeung sok digembrong ku kukupu atawa seungseureudan Larapna dina kalimah: a. Kembang sedep malem mun ligar téh kacida seungitna. b. Samoja keur meujeuhna ligar, kacida éndahna. 7. émpang hartina balong atawa kulah anu gedé/lega Larapna dina kalimah: a. Wa Haji kamari ngabedahkeun émpangna. b. Empang téh pinuh ku lauk guramé, mani tinggudibeg atak resep nu ningali.
Answer

Life Enjoy

" Life is not a problem to be solved but a reality to be experienced! "

Get in touch

Social

© Copyright 2013 - 2024 KUDO.TIPS - All rights reserved.