ilukman
Umpama nilik kana kekecapan atawa rumpaka nu aya dina kawih Es Lilin, biasana loba anu nyangka yen kawih Es Lilin teh eusina nyaeta ngeunaan atawa nyaritakeun kadaharan, nyaeta kadaharan anu disebut Es Lilin. Padahal sabenerna, kekecapan kadaharan nu aya dina kawih Es Lilin teh ngan saukur mangrupakeun "cangkang" tina kawih Es Lilin. Anu jadi eusi kawih Es Lilin lain mangrupakeun kadaharan.
Anu dicaritakeun dina kawih Es Lilin, nyaeta yen salaku hiji wanoja, kudu bisa ngajaga harga dirina. Hiji wanoja, sanajan mikacinta pisan ka hiji jajaka, ulah sok wani bareng paduduaan umpama can jadi salaki pamajikan anu geus resmi (saperti ditunjukkeun dina kalimah "abdi alim dunungan paduduaan"). Salaku hiji wanoja oge kudu boga rasa kasieun, nyaeta sieun di bawa ka mana-mana (saperti ditunjukkeun dina kalimah "sok sieun mah dibantun ka mana-mana").
Jadi, kitu eusi carita nu aya dina kawih Es Lilin teh. Dina kawih Es Lilin, siga dina sisindiran, nyaeta aya cangkang jeung aya eusi. Ditilik tina eusina, kawih jeung sisindiran sarua mangrupakeun wangun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Wangun puisi Sunda anu mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun wangun puisi Sunda lianna anu henteu mangrupa carita, nyaeta saperti mantra, guguritan, kakawihan jeung sajak.
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku aturan. Kawih mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti nu aya dina pupuh. Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Kawih nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.