aldasalsa39
1. Abong biwir teu di wengku = Sagala dicaritakeun teu jeung jeujeuhan2. Adam lali tapel = Poho ka baraya3. Adean ku kuda beureum = Ginding ku barang meunang nginjeum4. Adat kakurung ku iga = Kalakuan hese robahna5. Agul ku payung butut = Jalma sangsara mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak.6. Aku-aku angga = Ngaku barang batur7. Allah tara nanggeuy di bongkokna = Allah moal mihak ka nu salah8. Ambek sakulit bawang = Babari ambek