1. Jieun kalimah tina kecap : a. maca, b. mawa, c. masak
2. tuliskeun conto kecap rajékan dwimurni jeung dwiréka masing-masing 2 kecap!
3. harti lalawanan di handap ieu : a. panjang x .... b. ageung x .... c. kasep x .... d. gampang x ...
ilukman
1. Dina basa Sunda kecap maca jeung mawa kaasup kana kecap anu kasar atawa loma. Sedengkeun kecap masak bisa kaasup kana kecap lemes atawa loma. Tapi maca oge bisa kaasup kana kecap lemes, tapi lemes keur diri sorangan.
a. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap maca : "Kuring keur maca buku" (basa Sunda loma), "Simkuring nuju maca buku" (basa Sunda lemes pikeun diri sorangan), "Pun lanceuk nuju maos buku" (basa Sunda lemes pikeun batur).
b. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap mawa : "Kuring mawa oleh-oleh keur babaturan". Kecap mawa asalna tina kecap bawa. Lemesna kecap bawa nyaeta bantun (kecap lemes pikin diri sorangan) jeung nyandak (kecap lemes pikeun batur.
c. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap masak : "Pun lanceuk nuju masak di dapur" (basa Sunda lemes), "Kuring keur masak di dapur" (basa Sunda kasar)
2. Kecap rajekan dwimurni jeung kecap rajekan dwireka kaasupna kana kecap rajekan dwilingga. Kecap rajekan dwilingga nyaeta kecap anu dirajek wangun dasarna. Dina kecap rajekan dwimurni, anu dirajek nyaeta wangun dasarna bari teu ngarobah sora. Sedengkeun dina kecap rajekan dwireka, anu dirajek nyaeta wangun dasarna bari ngarobah sora.
a. Conto kecap rajekan dwimurni nyaeta saperti: jalma-jalma, motor-motor, mobil-mobil b. Conto kecap rajekan dwireka nyaeta saperti: tual-toel, luak-lieuk, pulang-pelong
3. harti lalawanan di handap ieu :
a. panjang x pondok b. ageung (gede) x alit (leutik) c. kasep x goreng d. gampang (gampil) x hese (sesah)
a. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap maca : "Kuring keur maca buku" (basa Sunda loma), "Simkuring nuju maca buku" (basa Sunda lemes pikeun diri sorangan), "Pun lanceuk nuju maos buku" (basa Sunda lemes pikeun batur).
b. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap mawa : "Kuring mawa oleh-oleh keur babaturan". Kecap mawa asalna tina kecap bawa. Lemesna kecap bawa nyaeta bantun (kecap lemes pikin diri sorangan) jeung nyandak (kecap lemes pikeun batur.
c. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap masak : "Pun lanceuk nuju masak di dapur" (basa Sunda lemes), "Kuring keur masak di dapur" (basa Sunda kasar)
2. Kecap rajekan dwimurni jeung kecap rajekan dwireka kaasupna kana kecap rajekan dwilingga. Kecap rajekan dwilingga nyaeta kecap anu dirajek wangun dasarna. Dina kecap rajekan dwimurni, anu dirajek nyaeta wangun dasarna bari teu ngarobah sora. Sedengkeun dina kecap rajekan dwireka, anu dirajek nyaeta wangun dasarna bari ngarobah sora.
a. Conto kecap rajekan dwimurni nyaeta saperti: jalma-jalma, motor-motor, mobil-mobil
b. Conto kecap rajekan dwireka nyaeta saperti: tual-toel, luak-lieuk, pulang-pelong
3. harti lalawanan di handap ieu :
a. panjang x pondok
b. ageung (gede) x alit (leutik)
c. kasep x goreng
d. gampang (gampil) x hese (sesah)